Kamis, 31 Juli 2014

Midua Cinta

Emut baheula ngawitan tepang
anjeun anu sakitu deudeuhna
meusmeus nyebut cinta
meusmeus nyebut nyaah
dugi ka abdi sumerah diri

Teu lami urang ngarumah tangga
naha atuh ayeuna bet beda
kawas kila kila
hayang nu kadua
dugi ka sirna rasa kacinta

Abdi teu nyangka akang rek tega
gening buktina midua cinta
dugi ka teu aya ras rasanana
ninggalkeun buah kacinta

Abdi teu cangka akang rek tega
gening buktina midua cinta
dugi ka teu aya ras rasanana
ninggalkeun buah kacinta

Rabu, 30 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Enjing Deui


Enjing urang tepang deui
Enjing urang angkat deui
Kapan tos jangji bade satia
Tong pura- pura mun leres cinta
Enjing deui... enjing deui...
Atuh ulah bohong deui.... bohong deui

Enjing urang tepang deui
Enjing urang ngobrol deui
Awas tong hilap seueur alesan
Bade kamana tong pura-2
Enjing deui... enjing deui...
Atuh ulah bohong deui ... bohong deui

Sawengi asa tos lami
Saminggu bade ditunggu
Sabulan taya wartos pisan
Teu maparin putusan
Laaah enjing deui

Lirik Lagu Sunda Talak Tilu



naha moal rek hanjelu
anjeun waka buru-buru
menta talak tilu

akang teu weleh ngingetan
ulah arek luluasan
urang pipisahan

anjeun ulah waka pundung
budak butuh keneh indung
ulah rek waka percaya
akang boga anu ngora
mana buktina bisi kaduhung ahirna

daripada kasiksa
leuwih hade jadi duda
hirup nandang tunggara
ngahiji sareng salira

daripada kasiksa
leuwih hade jadi duda
mereun kieu jadina
kudu pisah jeung salira

==========================================


abdi moal rek hanjelu
lewih hade buru-buru
rag-rag talak tilu

akang teu kudu ngingetan
ieu geus jadi putusan
urang pipisahan

akang henteu kudu bingung
najan budak butuh indung
sabab geus aya gentina
pan cenah boga nu ngora
aya buktina batin ngan bati nyerina

batan diri kasiksa
leuwih hade jadi randa
hirup nandang tunggara
ngahiji sareng salira

batan hirup nalangsa
leuwih hade jadi randa
mereun kieu jadina
kudu pisah jeung salira




Selasa, 29 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Asa Can Lami

Asa can lami
asa kamari
urang tepung maheutkeun jangji pasini
urang lawung mupusti kaheman ati

karaos endah
karaos linduh
kedal lisan haliwu getering kalbu
tigin asih rumaket niat satuhu

cinta teh wening
cinta teh agung
gentring hariring
beurang jeung peuting

cinta teh sora
cinta teh rasa
dumeling asri
sungkeman ati

cinta teh wening
cinta teh agung
gentring hariring
beurang jeung peuting

cinta teh sora
cinta teh rasa
dumeling asri
sungkeman ati

asa can lami
asa kamari
urang satujuan
nyungsi pangharepan


Senin, 28 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Peuyeum Bandung

Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana

Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan


Minggu, 27 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Karedok Leunca

Tuangeun sederhana
pangaosna henteu sabaraha
hasil patani rajin
melak leunca pikeun balarea

komo mun karedokna
teu kakantun sareng surawungna
tuangeun ngandung hormon
anu anjeun seep tilu piring

karedok leunca moal hambur biaya
ku kaum alit oge bisa katepi
karedok leunca sok pada ngaraosan
nu nuangna saha bae teu

Sabtu, 26 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Karedok Leunca

Lirik Lagu Sunda Karedok Leunca
Ku teu pira urang duaan kang
tuang cikuh ngaredok leunca
digejrot na coet batu
atuh reugeung nyepengan mutu

luat leet nurutu kesang kang
seuhah lada lambey burahay
rada peuheur matak meureudeuy
aduh nikmat karedok leunca

la seuhah-seuhah lata-lata meni lada
la seuhah-seuhah lata-lata meni lada
la seuhah-seuhah lata-lata meni lada
la seuhah-seuhah lata-lata meni lada

engkang nyanggakeun karedok leunca
ieu engkang piraku henteu kabita

karedok karedok leunca
karedok karedok cinta
najan sederhana dituang mirasa
sareng salira

karedok karedok leunca
karedok karedok cinta
sacoet duaan disilih huapan
janten kabagja