Kamis, 31 Juli 2014

Midua Cinta

Emut baheula ngawitan tepang
anjeun anu sakitu deudeuhna
meusmeus nyebut cinta
meusmeus nyebut nyaah
dugi ka abdi sumerah diri

Teu lami urang ngarumah tangga
naha atuh ayeuna bet beda
kawas kila kila
hayang nu kadua
dugi ka sirna rasa kacinta

Abdi teu nyangka akang rek tega
gening buktina midua cinta
dugi ka teu aya ras rasanana
ninggalkeun buah kacinta

Abdi teu cangka akang rek tega
gening buktina midua cinta
dugi ka teu aya ras rasanana
ninggalkeun buah kacinta

Rabu, 30 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Enjing Deui


Enjing urang tepang deui
Enjing urang angkat deui
Kapan tos jangji bade satia
Tong pura- pura mun leres cinta
Enjing deui... enjing deui...
Atuh ulah bohong deui.... bohong deui

Enjing urang tepang deui
Enjing urang ngobrol deui
Awas tong hilap seueur alesan
Bade kamana tong pura-2
Enjing deui... enjing deui...
Atuh ulah bohong deui ... bohong deui

Sawengi asa tos lami
Saminggu bade ditunggu
Sabulan taya wartos pisan
Teu maparin putusan
Laaah enjing deui

Lirik Lagu Sunda Talak Tilu



naha moal rek hanjelu
anjeun waka buru-buru
menta talak tilu

akang teu weleh ngingetan
ulah arek luluasan
urang pipisahan

anjeun ulah waka pundung
budak butuh keneh indung
ulah rek waka percaya
akang boga anu ngora
mana buktina bisi kaduhung ahirna

daripada kasiksa
leuwih hade jadi duda
hirup nandang tunggara
ngahiji sareng salira

daripada kasiksa
leuwih hade jadi duda
mereun kieu jadina
kudu pisah jeung salira

==========================================


abdi moal rek hanjelu
lewih hade buru-buru
rag-rag talak tilu

akang teu kudu ngingetan
ieu geus jadi putusan
urang pipisahan

akang henteu kudu bingung
najan budak butuh indung
sabab geus aya gentina
pan cenah boga nu ngora
aya buktina batin ngan bati nyerina

batan diri kasiksa
leuwih hade jadi randa
hirup nandang tunggara
ngahiji sareng salira

batan hirup nalangsa
leuwih hade jadi randa
mereun kieu jadina
kudu pisah jeung salira




Selasa, 29 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Asa Can Lami

Asa can lami
asa kamari
urang tepung maheutkeun jangji pasini
urang lawung mupusti kaheman ati

karaos endah
karaos linduh
kedal lisan haliwu getering kalbu
tigin asih rumaket niat satuhu

cinta teh wening
cinta teh agung
gentring hariring
beurang jeung peuting

cinta teh sora
cinta teh rasa
dumeling asri
sungkeman ati

cinta teh wening
cinta teh agung
gentring hariring
beurang jeung peuting

cinta teh sora
cinta teh rasa
dumeling asri
sungkeman ati

asa can lami
asa kamari
urang satujuan
nyungsi pangharepan


Senin, 28 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Peuyeum Bandung

Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana

Sampeu asalna
Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita

Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih

Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan


Minggu, 27 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Karedok Leunca

Tuangeun sederhana
pangaosna henteu sabaraha
hasil patani rajin
melak leunca pikeun balarea

komo mun karedokna
teu kakantun sareng surawungna
tuangeun ngandung hormon
anu anjeun seep tilu piring

karedok leunca moal hambur biaya
ku kaum alit oge bisa katepi
karedok leunca sok pada ngaraosan
nu nuangna saha bae teu

Sabtu, 26 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Karedok Leunca

Lirik Lagu Sunda Karedok Leunca
Ku teu pira urang duaan kang
tuang cikuh ngaredok leunca
digejrot na coet batu
atuh reugeung nyepengan mutu

luat leet nurutu kesang kang
seuhah lada lambey burahay
rada peuheur matak meureudeuy
aduh nikmat karedok leunca

la seuhah-seuhah lata-lata meni lada
la seuhah-seuhah lata-lata meni lada
la seuhah-seuhah lata-lata meni lada
la seuhah-seuhah lata-lata meni lada

engkang nyanggakeun karedok leunca
ieu engkang piraku henteu kabita

karedok karedok leunca
karedok karedok cinta
najan sederhana dituang mirasa
sareng salira

karedok karedok leunca
karedok karedok cinta
sacoet duaan disilih huapan
janten kabagja


Jumat, 25 Juli 2014

Lirik Lagu Surabi Haneut

Surabi haneut aduh akang mangga cobian
badag munu'u aduh akang ukur sarebu                  
surabi abdi aduh akang mangga raosan
dijamin asli akang sanes bajakan

Aya anu di oncoman
aya anu polos tomo
aya anu gulaan dibanjur dicipatian
                 
Akang akang akang eh geura galeuhan
tuangeun kameumeut tea surabi haneut      
akang akang eh mangga raosan
tuangeun tradisi tea buatan abdi
                   
Kue surabi abdi tong dipelong
mangga di cobi
kue surabi abdi lamun dituang
bakal deudeuieun


Lirik Lagu Sunda Halangan Diri

Na kunaon sagala rupa ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha kandas pamaksadan
Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha, naha kunaon

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan kangeunahan
Ngumbar, ngumbar larangan

Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meni panjang
Sapanjang jalan karéta

Aduh Gusti, aduh Gusti
Kumaha ngentengeunana
Aduh Gusti aduh Gusti
Kumaha ngabebaskeunna

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu meurih hate nu ngajerit
kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
Ampun, ampun duh Gusti

Rabu, 23 Juli 2014

Lirik Lagu Sunda Turki

Sabudeureun laut kidul
jalanna ka tajur kidul
disebatna kampung Bihbul
nu nyebut turunan kidul

Dihandapeun Gunung Gede
ayana di kota Garut
urang Garut ulah camberut
mun disebut turunan kidul

Turki turki turunan kidul
kuring teu ngarti ka jalma nu sok ngawadul
turki turki turunan kidul
kuring teu suka pamajikan sok bantangul


"Lirik Lagu Sunda Cinta Munggaran"

 "Lirik Lagu Sunda Cinta Munggaran"
duh meni bagja numpak delman paduduaan
jeung panutan hate, silih ciwit silih oconan
duh meni eat sapanjang nu kaliwatan
suit-suitan pedah urang silih kiceupan

(aeh pa kusir pasti eraeun ngareret kawas kabitaeun)
lieuk deui, lieuk deui, abi asa kaisinan
(prak topprak toprak hey lengkahna kuda kawas sora nu ngalekleukan)
nambah suka urang duaan, tali asih cinta munggaran


Lirik Papatong Bah dadeng

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

*
Sore mengok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan

Reff:
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

back to *


Arti dari lagu sunda tsb. :

Beurang maju ka lohor
Siang menuju Dzuhur

Papatong nu koneng euntreup na regang
Capung yang kuning hinggap pada ranting

Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Bergetar sayapnya sedang melambai-lambai

Pancen keur wasiatan
Sedang saling berwasiat (saling berpesan)


Sore mengok ka Ashar
Sore condong ke Ashar

Papatong nu koneng hiber teu luhur
Capung yang kuning terbang tidak tinggi

ngalayang ngawahan arek pamitan
Melayang berancang-ancang hendak berpamitan

poma tong ka jongjonan
Ingat jangan keenakan

Papatong nu koneng teu tembong deui
Capung yang kuning tidak nampak lagi

Leungit indit teu pamit
Hilang pergi tidak pamit

Papatong nu koneng teu tembong deui
Capung yang kuning tidak nampak lagi

Tilem bewara baturna
Tenggelam berita lainnya


Prak reureuh tina ka riweuh
Hendaklah istirahat dari kesibukan

Prak pasrah kanu Kawasa
Hendaklah pasrah kepada yang Kuasa

Prak reureuh tina ka riweuh
Hendaklah istirahat dari kesibukan

Prak pasrah kanu Kawasa
Hendaklah pasrah kepada yang Kuasa